Soko Kreatif

15 Ucapan Lebaran Idul Fitri 2025 Bahasa Sunda, Cocok Dibagikan pada Keluarga dan Teman

Ucapan selamat Lebaran 2025 dalam Bahasa Sunda yang cocok untuk dibagikan kepada keluarga dan teman. Rayakan Idul Fitri dengan hangat dan penuh makna.

By Pipin Lukmanul Hakim  | Sokoguru.Id
31 Maret 2025

SOKOGURU - Untuk menyambut Idul Fitri 2025 dengan hangat, terdapat berbagai cara merayakan Lebaran dengan mengungkapkan ucapan maaf yang bermakna.

Idul Fitri 2025 jatuh pada tanggal 31 Maret 2025. Momen ini menjadi kesempatan untuk mempererat tali silaturahmi dan saling memaafkan.

Satu di antara cara untuk menyambut Idul Fitri dengan berbagai ucapan selamat lebaran, dan kata-kata maaf kepada keluarga dan teman.

Bagi masyarakat Jawa Barat, menggunakan Bahasa Sunda dalam menyampaikan ucapan lebaran dapat menambah kehangatan dan kedekatan.

Terlebih, dalam penyampaian ucapan lebaran, bukan hanya sekadar kata-kata melainkan syarat akan makna dan ketulusan dari hati yang paling penting.

Dengan penyampaian yang baik, diharapkan hubungan dengan keluarga dan teman semakin erat baik di hari raya maupun setelahnya.

Berikut 15 Ide Ucapan Selamat Lebaran Bahasa Sunda

1. “Wilujeng boboran siyam. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh, meungpeung wanci can mustari.”

2. “Taqabalallahu Minna Wa Minkum. Wilujeng Idul Fitri 1446 H, sim kuring neda dihapunten kana samudaya kalepatan, boh bilih aya cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, da sadayana oge mung saukur heureuy, manusa mah teu tiasa lumpat tina kalepatan jeung kakhilafan.”

3. “Taqqobalallahu minaa waminkum. Sugrining runtah kalepatan dina manah, nyeri peurihna ati sanubari, mugia lubar ku silaturahmi. Wilujeng boboran Siam 1446 H.”

4. “Bilih kantos kasisit ati, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1446 H. Taqqobalallahu minaa waminkum”

5. “Wilujeng boboran Siam 1446 H. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.”

6. “Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Wilujeng boboran siam 1446 H, neda sihapunten.”

7. “Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu dipiwegah. Wilujeng boboran Siam 1446 H, kalayan neda dihapunten tina samudayaning kalepatan.”

8. “Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.”

9. “Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu matak nyugak kana manah, laku lampah nu teu merenah, neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam ”

10. “Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran Siam.”

11. “Niti wanci nu mustari ninggang mangsa nu lugina, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Wilujeng boboran Siam 1446 H.”

12. “Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. Wilujeng boboran Siam.”

13. “Bersih galih nu diperedih, léah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nu kasuhun.”

14. “Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah. Dina dinten boboran (lebaran) ieu pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka. Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran, hapunten samudaya kalepatan.”

15. “Taqqobalallahu Minna Wa Minkum. Upami ati sabening cai, sawios ngalir nu wening bersih. Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan. Kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa. Wilujeng Boboran sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng batin.”